Pantun Lucu Bahasa Sunda | Sisindiran Basa Sunda
Pantun Lucu Bahasa Sunda A ya roda na tanjakan, katinggang ku pangpung jengkol Aya randa gogoakan, katinggang ku pohpor banpol Batok kohok wadah huut, meuli eunteung jang bikeuneun Budak montok gede hitut, nyeri beuteung, jeungjeuriheun Kembang cula kembang tanjung, kembang sagala domdoman Rek sabulan rek sataun, moal weleh diantosan.. [ Hendripamungkasred ] Mulung tanjung tengah gunung, meunang cangkilung saguruntul Nurus tunjung mbah dukun, ceunah nulung malah rahul Pedah kuring kuralang kuriling, ucing ge'ring ngahariring Tengah peuting jempaling jempling, kuring nyaring hayang ngising Hayu mupu tiwu, ohan malah mobok pagu Huntu linu murukusaunu, bongan tara ngosok huntu Ka Jampang mawa pakarang, ajang pe'rang makalangan Ka akang naha sale'mpang, akang sayang ngan ka yayang Kaso pondok kaso panjang, kaso ngaroyong ka mimbar Sono mondok sono nganjang, sono ngaloyor ka kamar Saha we nu bade nyangke, kamari abdi nu ngajagi Bebende nu hade hate, pamatri ati nu sajati Colenak...
Komentar
Posting Komentar